Sabtu, 31 Juli 2010

UGA WANGSIT SILIWANGI



CARITA PANTUN NGAHIANGNA PADJAJARAN

Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!


Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”

Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!

Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!

Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!

Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!

Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.

Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.

Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.

Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!

Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.

Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.

Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.

Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!

Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.

Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!

Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.

Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!

Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!
Salajengna..

Kamis, 22 Juli 2010

Tatarucingan

Punten akh,,bade heureuy sa'alit mah,,,,,mamanawian aya mangpa'atna.....! :D

1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Toge)
2. Hayam naon anu sukuna sarebu? (Hayam keur pawey)
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
6. Bangku naon anu bisa didahar? (Bangkuang)
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar,
sakali nyebut! (Rujak).......

8. Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. (Cau)
12. Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. (Kareta api)
14. Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
15. Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. (Sireum make helm)
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? (Piring bolong)
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
20. Naon sababna ban mobil tina karet? (Mun tina coklat pasti digembrong)
21. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna. (Gitar)
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini? (Sarimie renyah, nini-nini renyoh)
24. Pribumi di luar ari semah di jero. ( Tukang beca jeung panumpang)
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang. (Tai kotok napel dina tihang listrik)
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung? (Kalangkangna)
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? Buahenol
30. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? (Tinggal turunna)
32. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran
kumaha carana hayang miheulaan ban hareup)
33. Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
35. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri
sukuna)
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
37. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)
38. Budak dugul asup kana embel. (Cilok)
39. Petina hiji, mayitna loba. (Korek api)
40. Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung)
42. Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
43. Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
44. Hayam naon anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)
45. kunaon hanjakal sok pandeuri? (mun ti payun mah nungtun munding)
Salajengna..

Kamis, 15 Juli 2010

Sajarah Purwakarta

Ayana Purwakarta henteu leupas ti sajarah perjuangan ngalawan pasukan VOC atw kompeni. Kira-kira mimiti abadke-17, Sultan Mataram ngirimkeun pasukan soldadu anu dipingpin ku Bupati Surabaya ka Jawa Kulon.Salah sahiji tujuanana nyaéta pikeun nungkulkeun kakawasaan Sultan Banten. Tapi dina lalampahananabentrok kalayan pasukan VOC ku kituna kapaksa mundurkeun diri.


Sanggeus kajadian éta, dikirimkeun balik ekspedisi kadua ti Pasukan Mataram di handapeun luluguDipati Ukur, kitu deui ngalaman nasib anu sarua ogé. Hal ieu disebabkan pasukan Dipati Ukur indittanpa nungguan datangna bantuan ti Mataram.
Pikeun menghambat perluasan wewengkon kakawasaan kompeni (VOC), Sultan Mataram ngutusPanembahan Galuh (Ciamis) anu ngaranna R.A.A. Wirasuta jeung gelar Adipati Panatayuda atawaAdipati Kertabumi III pikeun menduduki Rangkas Sumedang (Palebah Wétan Citarum). Ogé ngadegkeunbenteng pertahanan di Tanjungpura, Adiarsa, Parakansapi, sarta Kuta Tandingan. Sanggeusngadegkeun benteng kasebut, Adipati Kertabumi III saterusna balik ka Galuh sarta wafat. NgaranRangkas Sumedang éta sorangan robah jadi Karawang alatan kaayaan wewengkonna berawa-rawa(Sunda: “Karawaan”).
Sultan Agung Mataram saterusna mengangkat putera Adipati Kertabumi III, nyaéta Adipati Kertabumi IVjadi Dalem (Bupati) di Karawang, dina Warsih 1656. Adipati Kertabumi IV ieu ogé dipikawanohminangka Panembahan Singaperbangsa atawa Eyang Manggung. Puseur dayeuh atawa puseurpamaréntahan Karawang waktu éta di Udug-udug.
Dina mangsa pamaréntahan R. Anom Wirasuta, putera Panembahan Singaperbangsa anu boga gelarR.A.A. Panatayuda I antara Warsih 1679 sarta 1721 puseur dayeuh Karawang ti Udug-udug pindah kaKarawang, jeung wewengkon kakawasaan ngawengku wewengkon antara Cihoe (Cibarusah) sartaCipunagara. Pamaréntahan Kabupatén Karawang lekasan kira-kira warsih 1811-1816 minangka alatanti peralihan pangawasaan Hindia-belanda ti Pamaréntahan Walanda ka Pamaréntahan Inggris.
Antara warsih 1819-1826 Pamaréntahan Walanda ngalaan diri ti Pamaréntahan Inggris anu ditandaankalayan usaha pangbalikan kewenangan ti para Bupati ka Gubernur Jéndral Van Der Capellen. Ku kitunaKabupatén Karawang dihidupkan balik kira-kira warsih 1820, ngawengku wewengkon taneuh anuperenahna di palebah Wétan walungan Citarum/Cibeet sarta palebah Kulon walungan Cipunagara. Dinahal ieu, kajaba Onder Distrik Gandasoli, ayeuna Kacamatan Plered dina wayah éta kaasup KabupaténBandung. Minangka Bupati I Kabupatén Karawang anu dihidupkan diangkat deui R.A.A. Surianata tiBogor jeung gelar Dalem Santri anu saterusna milih ibukota kabupatén di Wanayasa.
Dina warsih 1830, nyaéta mangsa pamaréntahan Bupati R.A. Suriawinata, anu kaceluk kalayansajieunan Dalem Sholawat, ibukota Purwakarta dipindahkan ti Wanayasa ka Sindangkasih anudiresmikeun dumasar besluit (surat kaputusan) pamaréntah kolonial Nomer 2 tanggal 20 Juli 1831.
Pangwangunan dimimitian antara séjén kalayan pengurugan ranca-ranca pikeun pembuatan DinyaBuleud, Pembuatan Gedong Karesidenan, Pendopo, Masjid Agung, Tangsi Soldadu di Ceplak, kaasupnyieun Solokan Gede, Sérang Bungangang sarta Dinya Kamojing. Pangwangunan terus nerus nepi kapamaréntahan bupati saterusna.
Nepi ka warsih 1949, Purwakarta berstatus minangka ibukota Karawang. Tapi, dumasar SuratKaputusan Wali Nagari Pasundan Nomer 12, tertanggal
29 Januari 1949 kalayan, Kabupatén Karawang dipeupeus dua bagian, nyaéta Karawang Bagian Kulonjadi Kabupatén Karawang sarta Karawang Bagian Wétan jadi Kabupatén Purwakarta kalayan ibukotanyaSubang. Dumasar Undang-undang nomer 14 warsih 1950, saterusna diatur penetapan KabupaténPurwakarta, kalayan puseur dayeuh Purwakarta, anu ngawengku Kewedanaan Subang, Sagalaherang,Pamanukan, Ciasem sarta Purwakarta.
Dumasar Undang-undang No. 4 warsih 1968 ngeunaan Pembentukan Kabupatén Purwakarta sartaKabupatén Subang SK Wali Nagari Pasundan dirobah sarta ditetepkeun yén Kabuapten Purwakarta nganngabogaan 4 kacamatan, nyaéta Purwakarta, Plered, Wanayasa, sarta Campaka.
Salajengna..

Milangkala Purwakarta ka-179 Kabupaten Purwakarta ka-42

Peringatan Poé Jadi Purwakarta mangrupa moméntum penting dina ngagalang sarta numuwuhkeun rasa ngabogaan sarta kababarengan dina pangwangunan.Kabupatén Purwakarta kamari tanggal 12 Juli 2010 ngarayakeun poé jadi ka-179,rupi rupi acara diayakeun kanggo ngaramekeuna.Nu diantarana nyaeta pawei obor,pawai kasenian sarta hasil bumi,pameran pembangungan,Pagelaran wayang golek sarta lain2 sajabana mangrupa sawaréh ti acara anu di gelar pikeun ngaramekeun poé jadi kabupatén purwakarta.

Dina acara pawei eta jelas kasampak pisan rasa kababarengan diantara warga purwakarta anu datang ti peloksok désa anu mintonkeun hasil bumi atawa hasil karajinan sarta kasenian has anu dihasilkeunku daerahna masing2,di rancang sarta dihias sakitu rupa pikeun diarak nuju ka alun alun kian santang Purwakarta,di antarana rombongan ti kacamatan Plered nu mangrupakeun sentra karajinan gagarabah nu tos kakoncara boh di Indonesia atanapi di dunia tangtu wae mintonkeun gagarabah hasil karajinan maranéhanana,Teras ti Kacamatan jatiluhur jeung hasil tambak laukna,dari wewengkon pasawahan kalayan bulir2 paréna anu ngeusi,wanayasa kalayan cengkeh sarta pala na,jeung daerah2 séjén kalayan chiri khasna masing2.
sanggeus acara kasebut réngsé,saterasna nyaéta acara pagelaran kasenian wayang golek ti giri harja 3,dalang Asep Sunandar Sunarya ti kabupatén bandung di pendopo alun2 Kiansantang beuki nambahan semarakna peringatan milangkala kabupatén Purwakarta kalayan lakon anu dibawakan nyaéta pusaka layang jamus kalimasada,Jeung deui lengkah paripolah kalakuan siCepot sarta Dawala anu matak gur ger seuri nu lalajo,nepi ka panonton teu daek ingkah dugi ka rengsena pagelaran wayang ,tabuh tilu nunjukeun waktos harita rengsena pagelaran wayang golek ogé nandakeun rengsena acara peringatan milangkala Kabupatén Purwakarta.
Wilujeng Milangkala Kabupaten Purwakarta mugia sejahtera sarta tengtrem salawasna.
Salajengna..

Kamis, 01 Juli 2010

Situ Buleud


Kanggo urang purwakarta mah tos teu aneh deui jeung nu namina situ buleud,tapi teu aya lepatna oge kanggo simkuring mertelakeun ngeunaan situ buleud di ieu blog.Panginten seu'eur keneh baraya nu teu acan terang situ buleud teh naon.
Situ buleud nyaeta situ anu ayana di puser kota purwakarta nu tepatna mah di jl kk singawinata,nu sapopoena rame dijugjug kunu arulin , nu olahraga,nguseup,jeung sajabana aya oge nu datang ngan saukur pikeun leleson.

Komodeui lamun poe minggu mah rame pisan nu arulin,nu dagang ge rea ngajual macem2 dagangeun,siga pasar we pami poe minggu enjing mah.
upami teu lepat, saurna mah kapungkur sateuacan ayana kota purwakarta situ buleud teh tempat pangguyangan badak,meureun sajaman jeung Pir'aun keur ngojeg nya,,,hehehe....
Situ buleud mangrupakeun taman kota pikeun kota purwakarta,jeung deui salasahiji tempat wisata nu jadi andalan salain ti waduk/bendungan jatiluhur,sentra keramik plered jeung gunung parang pikeun kota Purwakarta.
Salajengna..

Selasa, 29 Juni 2010

Kabupaten Purwakarta



Kabupaten Purwakarta, adalah sebuah kabupaten di Provinsi Jawa Barat, Indonesiaterletak ±80 km sebelah timur Jakarta. Kabupaten ini berbatasan dengan Kabupaten Karawang di bagian Barat dan sebagian wilayah Utara, Kabupaten Subang di bagian Utara dan sebagian wilayah bagian Timur, Kabupaten Bandung di bagian Selatan, danKabupaten Cianjur di bagian Barat Daya.

Kabupaten Purwakarta berada pada titik-temu tiga koridor utama lalu-lintas yang sangat strategis, yaitu Purwakarta-Jakarta, Purwakarta-Bandung dan Purwakarta-Cirebon.

Luas wilayah Kabupaten Purwakarta adalah 971,72 km² atau sekira 2,81% dari luas wilayah Provinsi Jawa Barat berpenduduk 782.362 jiwa (Sensus penduduk tahun 2005) dengan laju pertumbuhan penduduk rata-rata sebesar 2,42% per-tahun. Jumlah penduduk laki-laki adalah 391.061 jiwa, sedangkan jumlah penduduk perempuan adalah 391.301 jiwa.

Kabupaten Purwakarta memiliki motto Wibawa Karta Raharja. "Wibawa" berarti berwibawa atau penuh kehormatan, "Karta" berarti ramai atau hidup, dan "Raharja' berarti keadaan sejahtera atau makmur. Sehingga “Wibawa Karta Raharja” dapat diartikan sebagai daerah yang terhormat/berwibawa, ramai/hidup, serta makmur atau sejahtera.


Sumber : http://id.wikipedia.org/wiki/Kabupaten_Purwakarta

Salajengna..